M.A. SALMUN

Pangarang anu terus aktif nyerat dina basa Sunda ti mangsa same’me’h perang nepi ka ahir hayatna. Mimitina ngamusatkeun guguritan jeung carita pondok dina Volksalmanak Soenda jeung majalah Parahiangan, bari henteu aya petotna ngirimkeun sumbangan ka suratkabar Sipatahoenan jeung majalah basa Sunda lianana.

Dibabarkeun di Rangkasbitung (23 April 1903), pupus di Bogor (10 Fe’bruari 1972). Satamatna HIS, Salmun didamel di Kantor Pos & Telegrap Rangkasbitung, pindah ka Tanjungpandan mimiti sok ngirimkeun karangan ka Bale’ Pustaka. Tapi bukuna nu munggaran Moro Julang Ngaleupaskeun Peusing (1923) jeung nu kadua Sungkeman Gelung (1928) nu mangrupa wawacan, dikaluarkeunana lain ku Bale’ Pustaka. Taun 1938 Salmun ditarik ka Bale’ Pustaka jadi anggota Sidang Pangarang Sunda. Nya harita salian ti nyalinan buku tina basa Indonesia (lain sastera), Salmun re’a nganggit wawacan diantarana Ciung Wanara (1939), Mundinglaya (1940), E’kalaya Palastra (1940), Asmarandana (1941), Mintaraga (1942), jeung Goda Rancana (1942). taun 1943 Salmun kaluar ti Bale’ Pustaka jadi pagawe’ tinggi pamongpraja di dae’rah Banten, tapi taun 1949 asup deui ka Bale’ Pustaka nepi ka 1951. Dina mangsa jadi re’daktur Bale’ Pustaka nu kadua kalina, Salmun medalkeun Padalangan di Pasundan (1948), nyarungsum Mahabharata (1950), jeung Sisindiran (1950), roman Gogoda ka nu Ngarora (1951). Taun 1951 Salmun jadi dose’n luar biasa munggaran waktu Fakultas Sastra Universitas Indone’sia muka kuliah ngeunaan basa katut sastra Sunda. Salmun oge’ aktif dina konfere’nsi Basa Sunda 1952 nu ngalahirkeun Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS). Dina Kongre’s Basa Sunda sering dipe’nta ngajejeran (me’re’ prasaran). Kitu deui dina kagiatan-kagiatan nu patali jeung basa katut sastra Sunda.

Taun 1954 milu ngadegkeun majalah Tjandra di Bogor, taun 1957 milu marajian majalah Mangle’, taun 1965 marajian sarta mingpin majalah Sari di Bandung. Bari teu petot nulis karangan anu sebagian tuluy dibukukeun, di antarana Budah Cikapundung (1965), Villa Batinyeri (1966), Nyonya Kawasa (1966), Ne’angan Bapa (1968) jeung lian-lianana.

Salmun milu kana tim anu nyusun buku pangajaran basa Sunda Kandaga, malah nu ngeunaan kasusastraan sagemblengna diserat ku anjeuna (Kandaga Kasusastraan Sunda, 1959).

Dina handap ieu dimuat sajakna (terzine jeung quinte’t) nyaeta:

  • Sugih ku Kamiskinan
  • Jiwa Be’bas

Sugih ku Kamiskinan
Be’be’k ngoyor di sagara
re’k nginum ne’angan cai
kudu senang bet sangsara
Nyuhun ke’jo he’se’ nyatu
leungeun ditalikung bingung
geumpeur kaweur unggal waktu
Sunda nu kawentar beunghar
murah sandang murah pangan
bet re’a ra’yat kalantar
Magar Sunda gemah ripah
bet ra’yat kalantar
kasusah timpah-manimpah


Jiwa Be’bas
Piit ngabubuhan ricit
Jogjog ngagonyok sok ce’kcok
Tapi garuda ngalayang
Nyorangan di awang-awang
Taya karisi karingrang
Lain hirup ku diawur
Lain gede’ ku pame’re’
Teu re’k sirik ku galatik
Teu re’k nge’wa ka kadanca
Sanggup ngapak ku jangjangna
Teu kaduyung ku nu hurung
teu kage’mbang ku nu he’rang
Teu ngundeur ka kebon deungeun
Teu mambrih sugih ku duit

Mun ladang berewit rujit

Tentang maskapache

Terus belajar untuk mencari sebuah kebaikan...
Pos ini dipublikasikan di SAJAK SUNDA dan tag . Tandai permalink.