K.T.S

Éta inisial téh biasa dianggo ku Kadir Tisna Sujdana ari ngumumkeun karangan-karanganana. Sabada tamat Normaalschool (Sakola Guru) Purwakarta, Kadir jadi guru di sawatra tempat, antarana di Purwakarta, Bongas (Majalengka), Kuningan, Bogor, Bandung, jeung Tasikmalaya. Taun 1926 mimiti ngirimkeun réportaseu ka surat kabar Sipatahoenan, nu tuluy dituturkeun ku guguritan ka majalah Sekar Roekoen. Guguritan, lulucon, carita pondok, roman saduran jeung wawacan damelanana dimuat dina Volksalmanak
Soenda jeung Parahiangan wedalan Balé Pustaka, malah aya di antarana anu medal mangrupa buku, nyaéta Babad
Majapahit (1939). Kadir ogé sok mantuan suratkabar Pemandangan (basa Indonésia).

Waktu révolusi ngungsi ti Bandung ka Tasikmalaya. Bari ngaguruan mantuan redaksi Sunda RRI nu harita digabungkeun jeung RRI Bandung nu diungsikeun ka Tasikmalaya. Taun 1949 mulang deui ka Bandung, dipapancénan mingpin redaksi majalah resmi lingkungan PP&K, Pembangunan. Tapi Kadir ku anjeun medalkeun sarta mingpin majalah basa Sunda Lingga (nepi ka taun 1950). Taun 1951, jadi deui guru di SMP Tanjungpinang, nepi ka taun 1958. Taun 1958 pindah deui ka Bandung jadi Wakil Kepala Jawatan Kebudayaan. Taun 1964 pindah jadi guru di Konsérvatorium Karawitan nepi ka pangsiun. Sabada pangsiun Kadir kungsi jadi redaktur majalah Manglé (ti taun 1969 nepi ka pupusna).

Kadir dibabarkeun di Subang (1 Désémber 1912), pupus di Bandung. Bisa jadi Kadir téh jalma anu munggaran ngumumkeun wangunan sajak dina basa Sunda. Cenah mah anjeuna kungsi “ditegur” ku M.A. Salmun lantaran nulis sajak dina basa Sunda téh. Ku Salmun dina buku Kandaga
Kasusastraan Sunda, K.T.S. diasupkeun ka pangarang “Angkatan Parahiangan”, nyaéta anu mimiti ngumumkeun atawa réa ngumumkeun karangan dina majalah Parahiangan.

Dina ieu buku dimuat sajak-sajakna anu judulna:

  • Gandrung
  • Hirup

Gandrung

Emh, bulan, bulan

ulah teungteuingeun teuing

ulah buru-buru surup!

 

Cing, sakeudeung atuh eureun

kuring hayang murak tineung

sugan ajeun jadi jalan

da anjeun pikabitaeun.

 

Mawat anjeun tiis, hening

sinar anjeun moncorong, ngénclong

bisa leutik gedé deui

bisa tilem timbul deui

 

Cing bulan kuring tulungan

meureun lamun kawas anjeun

moal riweuh néangan nu euweuh

meureun cacap tibra rasa

 

mun anjeun anu wisésa

kuring sujud seja suhu

osok dapon kataékan;

mun anjeun sakadar darma

pangnepikeun ka Sang Purba

pikeun pigustieun kuring

 

Tg. Pinang, 13-10-54

 

Hirup

Ka hareup ngarah sajeujeuh

Ka tukang ngarah saléngkah

Ka hareup lajurkeun tineung

Ka tukang ngawawaasna.

 

Hirup nunggu-nunggu umur

gumelar megat sakarat

bilang ladang kumelendang

ulah mulang ngalongkéwang.

Tentang maskapache

Terus belajar untuk mencari sebuah kebaikan...
Pos ini dipublikasikan di SAJAK SUNDA dan tag . Tandai permalink.